Senin, 14 Januari 2008

Kacang Kadéle

“Pa…Apa, kumaha carana ngabentenkeun lauk pameget sareng lauk istri.”

“Aeh…aeh Andi, uih sakola teh uluk salam heula atuh kasep, ulah gogorowokan kitu. Pamali.”

“Tadi Pa, ibu guru Biologi masihan patarosan, Andi teu tiasa.”

“Cik naon?”

“Kumaha carana ngabentenkeun lauk pameget sareng lauk istri.”

“Pami lauk mah sanes pameget istri atuh Ndi, nanging jalu sareng bikang. Pameget-istri mah kanggo manusa, sanes sasatoan.”

“Muhun atuh, kumaha ngabenténkeunanana?”

“Gampil. Pasihan eueut sing seueur.”

“Naha?”

“Pan engkena beser, tah waktos ka jamban, enggal ditingali, wiwisna dongko atanapi tatih. Mun dongko pasti lauk bikang, pami tatih mah tangtos lauk jalu.”

“Oh enyanya, pinter si Apa.”

“Sok atuh ayeuna mah geura gentos acukna, teras emam. Tuh laukna aya dina dongdang keneh.”

“Sampurasun…”

“Rampes. Aeh geuning Abah, mangga kalebet Bah.”

“Meni asa rame Mad. Si Andi teh geus asup deui sakolana?”

“Parantos Bah, nembe tadi uih. Tuh ayeuna nuju di pawon.”

“Nuju naon Ndi?”

“Nuju toang Bah, sarong laok bekang.”

“Percis pisan maneh Mad. Sok bari ngesom ngomong teh. Tapi naha nyaho lauk bikang sagala?”

“Pan tadi tos dibejaan carana ngabentenkeun lauk jalu sareng lauk bikang.”

“Oh kitu. Lain, dipikir-pikir, asa beuki ripuh nya Mad ayeuna mah hirup teh.”

“Na kunaon kitu Bah? Pan biasana ge Abah mah pangoptimisna.”

“Ripuh pisan ayeuna mah Mad. Geus kukurilingan neangan tukang tahu meni teu jebul-jebul.”

“Har ari Abah, pan tukang tahuna ge demo di Jakarta.”

“Na kunaon?”

“Eta, pedah harga kacang kadele ajol-ajolan. Saurna mah ayeuna teh dugi ka dalapan rebu sakilo.”

“Pantes atuh. Karunya teuing tukang tahu, mana sagala marahal ayeuna mah. Inget weh Abah mah ka tukang tahu langganan, ti mimiti sagede bantal, nepi ka ayeuna ukur sagede cangkang korek api. Ari ditanya naha teu ditaekeun hargana, jawabna teh moal aya nu meser. Kabayang lamun ayeuna harga kedelena mahal, tada teuing susahna.”

“Asa ku noron nya Bah cocobi ka urang teh.”

“Tapi mangkahade Mad, cocoba teh lain ngan ukur kasusah hungkul. Inget kana firman Allah dina surat Anbiya ayat 35. ‘Kami baris nguji anjeun ku hal-hal anu goreng jeung ku hal-hal anu hade minangka cocoba.”

“Muhun nya Bah. Nu ayeuna keur jugala dumeh tiasa ngagulanggaper harga kacang kadele ge saestuna mah nuju dicobi nya Bah.”

“Pinter maneh. Teu karunya-runyaeun ka rahayat leutik pantar urang. Pan urang mah meunang hese cape neanganana duit teh, teu siga maranehanana nu kawas boga tangkal duit nu teu beak-beak. Ik kan het geld niet van de bomen schudden. Teu sirikna kaluar kesang lembut kesang badag urang mah mun neangan duit teh.”

“Aeh, dupi Abah teh peryogi rencang sangu, dugi ka milarian tukang tahu ka dieu?”

“Lain Mad. Abah mah perlu hampasna, keur parab domba. Kapaksa atuh kieu carana mah kudu ngarit sing rada loba.”

“Ih panginten teh kanggu rencang sangu, sakantenan atuh sareng si Andi, tuang di dieu.”

“Moal Mad ah, bisi kaburu hujan deui.”

“Ke..ke..ke, ari domba Abah jalu bikang?”

“Bikang, na kunaon kitu?”

“Gampil atuh Bah, mun bikang mah. Sina pangaritkeun ku salakina weh ari domba bikang mah.”

“Na ari maneh, hayang diarit ku Abah?”